23 April 2009

NGENAH CICING DISAUNG

laku lampah manusa di alam dunya
loba nu ngarasa hate asa disate
boga otak teu dihaja jadi botak
(botak otak beda jeung botak mastaka)

manusia jaman kiwari, ngawiwirang diri sorangan
manusia jaman baheula, ngalalana bareng jeung kamelang
ayeuna loba jalma tapi teu siga manehna
katukang seueur jalmi mangrupakeun oray welang

dunya ayeuna asa geunjleung pinuh kupanyawad
melang jeung kakeueung boga budak awewe lalaki
awewe kusabab mamawa barang, sieun dikumaha 
lalaki kusabab mamawa bola mata, teu puguh tetenjoanana

hariwang urang hariwang kudu puguh panangtungan
salempang urang salempang kudu boga kayakinan

hayu atuh urang ngahaja datang ka nu caang
tong ngamomole maneh pinuh ngalaku goreng
karek ge kamari bangsa urang, inget kartini
ceuk beja, indit ti nu poek datang ka nu caang

mangga atuh urang babarengan
ngahaja sholat tahajud ngadu'a ka pangeran
menta bangbaluh dicageurkan jeung dibageurkeun
mugia getuk karasa keju
cicing di saung karasa ngenah jiga jalma sagala langkung. 

amien ...............

Iwan G.
.::inspiring: Ahamsastra Remendiunpad Jiganugaya -- Potret ::.

0 comments:

Sebelum keluar kasih komentar dulu ya...

Powered By Blogger

Nyari Komisi Gretongan Disini Nih

Primary Education Blogs - BlogCatalog Blog Directory Add to Technorati Favorites
widgets Share/Save/Bookmark online counter

  © Blogger templates 'Neuronic' by Ourblogtemplates.com 2008

Back to TOP